Songtexte.com Drucklogo

Kahayang (Desire) Songtext
von Sambasunda

Kahayang (Desire) Songtext

Mimitina iseng ku resep ngahereyan
Gegeut ka geulisna, gereuget kana bodi na
Tina iseng malah manteng
Tina hereuy asup kana hate
Tungtungna kuring bebeakan
Ngabelaan nganjuk ngahutang, mahugi hayang kapake
Lindeuk lindeuk japati, dek dicium mah da hararese
Usaha anu can hasil kaburu beakeun modal
Rek ngalamar teu boga duit
Kuring nu ngoleang manehna kabandang batur
Cinta nu tapakan hate kuring kakalayangan
Kahayang teu kahontal manehna kawin jeung batur


Hate anu perih, ceurik ceurik ku nalangsa
Duriat pageh, kahayang kekeuh
Ngalamun teu paruguh, nyungguran dana
Ngabelaan nganjuk ngahutang, mahugi hayang kapake
Lindeuk lindeuk japati, rek dicium mah hararese
Usaha anu can hasil kaburu beakeun modalna, rek ngalamar teu boga duit
Kuring nu ngoleang manehna kabandang batur
Cinta nu tapakan hate kuring kakalayangan
Kahayang teu kahontal manehna kawin jeung batur
Hate anu perih, ceurik ceurik ku nalangsa
Duriat pageh, kahayang kekeuh
Ngalamun teu paruguh, nyungguran dana

Songtext kommentieren

Log dich ein um einen Eintrag zu schreiben.
Schreibe den ersten Kommentar!

Beliebte Songtexte
von Sambasunda

Quiz
Whitney Houston sang „I Will Always Love ...“?

Fans

»Kahayang (Desire)« gefällt bisher niemandem.