Songtexte.com Drucklogo

Ayang Ayang Gung Songtext
von Dian Piesesha

Ayang Ayang Gung Songtext

Saupami digambarkeun haté abdi
Lir upama cai ngagulidag
Teu katahan caahna kabina-bina
Teu kawawa ku mejot hayang paamprok

Panutan, anjeun nu jadi harepan
Pujaan siang jeung wengi
Ceungceuman anu ngahudang asmara
Ngageuing dalingding asih

Panutan, anjeun nu mawa kasmaran
Kacandak, kaimpi-impi
Sakapeung anjeun nu kabawa gundam
Kapidangdung, kapigandrung

Ayang-ayang gung di balé nyungcung
Harepan urang duaan
Ayang-ayang gung di balé agung
Ceungceuman urang duaan


Ayang-ayang gung di balé nyungcung
Rék metik malati asri
Rasa duaan jadi ngahiji
Patepung di balé agung

Saupami digambarkeun haté abdi
Lir upama cai ngagulidag
Teu katahan caahna kabina-bina
Teu kawawa ku mejot hayang paamprok

Panutan, anjeun nu jadi harepan
Pujaan siang jeung wengi
Ceungceuman anu ngahudang asmara
Ngageuing dalingding asih

Panutan, anjeun nu mawa kasmaran
Kacandak, kaimpi-impi
Sakapeung anjeun anu kabawa gundam
Kapidangdung, kapigandrung

Ayang-ayang gung di balé nyungcung
Harepan urang duaan
Ayang-ayang gung di balé agung
Ceungceuman urang duaan


Ayang-ayang gung di balé nyungcung
Rék metik malati asri
Rasa duaan jadi ngahiji
Patepung di balé agung

Songtext kommentieren

Log dich ein um einen Eintrag zu schreiben.
Schreibe den ersten Kommentar!

Beliebte Songtexte
von Dian Piesesha

Quiz
Wer ist auf der Suche nach seinem Vater?

Fans

»Ayang Ayang Gung« gefällt bisher niemandem.